Di wanci sareup na panon poe, emak sareng bapa nuju caralik dina tepas. Ningali Sari, budak samata wayangna leumpang ngageuleuyeung siga nu leuleus.Tuluy weh emak ngagentraan Sari nu nembe dugi bumi, uih damel.
Emak: "Nyai, geulis, anaking anu solehah. Kumaha padamelan teh? betah teu? Asa carape kitu katingalina."
Sari : "Alhamdulillah, Sari betah mak. Kaleresan dinten ieu Sari nuju seueur padamelan, janten karaosna cape pisan."
Bapa :"Syukur atuh ai betah mah, digawe mah ulah hejo tihang nya geulis! Dileukeunan weh, ngke ge bakal kapanggih jalan rejeki urang."
Emak :"Tah, leres saur bapa. Wayahna nya geulis, cape ge lakonan weh, insyaallah ngke ge menang ka senang. Omat hidep kudu hirup jujur. Elmu tungtut, dunya siar."
Bapa : "Omat deuih, ulah eleh ku dunya. Beurat ngalayanan dunya mah, moal aya tungtungna. Akherat ge kudu diteang, jaga jang bekel urang ngke lamun balik. Hiji deui peupeujeuh ti bapa, lamun usaha teh kudu jeung usoli na, niatkeun nu leres na hate leutik, kanggo naon urang didamel teh? kanggo naon urang nyiar babanda dunya teh? Supados barokah hasilna, supados cekap karaosna."
Emak : "Kade ieuh, ulah tanggah wae nya, bilih titajong, sakali-kali kedah tungkul. Tingal nu dihandap, pados urang teu leupas muji ka Allah, sangkan urang teh janten seueur bersyukur. Tingal ka luhur, kanggo janten pecut diri sangkan kahirupan hidep nu langkung merenah. Ulah hilap sedekah, kanggo tabungan akherat urang."
Bapa: "Emak! budak teh capeun, ngadon diajak ngobrol wae."
Emak : "Euleuh, bapa oge sarua na ahh."
Sari : "Hahaha, wios emak, bapa, alhamdulillah ayeuna Sari tos teu karaos cape deui. Peupeujeuh ti emak sareng bapa teh janten suntikan sumanget kanggo Sari."
Emak :"Alhamdulillah, emak sareng bapa teh bagja dititipan nyai ku Allah. Sing gede milik, gede darajatna nya geulisna emak."
"Jung ayeuna mah geura bebersih, sakeudap deui wanci solat magrib, tuluy emam nya! Emak tos masak sayur bobor daun sampeu karesep nyai."
Sari : "Asiiikkk, Sari ka lebet heula atuh nya. ^_^ "
Emak : "Muhun geulis, jung!"
Hade pisan ieu caritana - sareng basa Sundana. Seseratan nangge basa Sunda anu kadua di Ririungan ieu pami teu lepat mah. Hapunten bisi basa Sunda abdi kaditu kadieu, saayana... Hatur nuhun ceu Mpit. 🙏🏼😊👍🏼