Tarawangsa barudak, aya nu apal tarawangsa? Pasti teu sakabéh budak ngora hususna generasi z apal kana ieu salahsahiji alat musik sunda. Tarawangsa mangrupa salahsahiji waditra ti lemah Sunda nu umur na geus leuwih kolot tibatan aki jeung nini maranéh. Di naskah kuno Sewaka Darma geus dipertélakeun ngeunaan ieu waditra téh, mangsana ti abad-18. Si kembarannana nyaeta rebab tea, geus aya di tatar Jawa sanggeus jaman Islam ti abad 15 nepika 16, mangrupa pangaruh tina alat kését bangsa Arab anu dibawa ku nu nyebarkeun Islam ka Nusantara. Cina ogé puguh miboga pangaruh pikeun ayana waditra tarawangsa.
Ku sim kuring urang ébréhkeunnya fungsi tarawangsa pikeun upacara adat jeung dina ajén kabudayanna. Tarawangsa di Rancakalong tempatna, dipaké pikeun acara sukuran panén, di Rancakalong disebutna’’Rubuh Jarami Entep Pare’’. Masarakat Sunda miboga kasang tukang kahirupan salaku patani, kasenian ieu dijieun jeun digunakeun pikeun jadi sarat ngalengkeupan upacara anu patali jeung kagiatan tatanén.
Unggal upacara, tarawangsa miboga peran anu vital daks, salaku nu ngiring upacara ritual sangkan Dewi Sri datang atawa roh-roh karuhun urang baheula. Jadi bisa katiten ku urang yen paham animisme dina ieu upacara masih kénéh dijadikeun hal anu sakral, ogé kacida pentingna. Sasajén geus disiapkeun keur Dewi Sri nu sakitu lobana, ti cau sasikat nepi ka kopi hideung. Di daérah Rancakalong saupama rek dipaeunkeun instrumen tarawangsa kudu diaseupan ku haseup nu ngebul tina kemenyan di kukus atawa parukuyan.
Aya sababraha peran anu kudu aya nalika ngayakeun upacara Tarawangsa, diantarana nyaeta nu boga hajat, saehu ( Sesepuh lalaki anu mingpin acara), Peribuan (Tuju orang ibu-ibu anu maturan saehu), Panabeuh ( 2 orang anu ahli maenkeun Tarawangsa ).
Di Tarawangsa oge aya 3 susunan pokok sawala anu wajib aya nyaeta ngalungsurkeun atawa disebut proses ngamimitian acara ku 7 jelema peribuan anu nurunkeun pangkonan (alat make up jeung gabah) jeung ngalungsurkeun ieu dimimitian ti jam 21.00 wib nepika jam 00.00 wib.
Tuluy sawala anu sanggeus dipertelakeun diluhur nyaeta nyumpingkeun atawa disebut proses ngajemput Dewi Sri, didieu 7 jelema peribuan nyieun hiji formasi ngabuleud dina jeru buleudan aya hiji ibu-ibu biasana miboga maksud jeug dimimitian ti 02.30 wib nepika jam 03.00 langsung di tuluykeun ka sawala anu pamungkas nyaeta nginebkeun atawa disebut proses dimana pangkonan anu di sawala saacanna nyaeta ngalungsurkeun di balikeun deui ka tempat mimiti.
Nah kitu daks, nu geus ku sim kuring dipertélakeun ngeunaan sajarah jeung empro na nalika upacara adat. Nu saenyana ieu waditra teh kaitung sakral numutkeun sim kuring mah. Magis pisan nalika dipake keu kapentingan anu bisa kasebut sukuran ngahaturkeun nuhun ka Gusti anu maha Gofur.
Terus naha sih sim kuring hayang ngabahas ngeunaan waditra tarwangsa ?, naha nya ?.... Nya hayang weh,,, henteu ketang. Kusabab anu jadi kasang tukang sim kuring hayang ngabahas ieu waditra nyaeta ajén filosofi anu sakitu beungharna, ieu mah numutkeun sim kuring nya, cing wéh salah. Tarawangsa lain saukur alat musik euy,, asli,, leuwih ti eta, nalika maranéh ngadengekeun jentréngan atawa sora nada ti tarawangsa, nu kumanéh rasakeun lain ngan sora, tapi pangalaman. Unggal kesetanna ciga ngagentraan manéh, mepeling manéh yén hirup di dunya mah nu paling penting nyaéta waktu. Ieu ge cing salah deui, mun teu salah mah Tarawangsa teh singkatan tina narawang mangsa. Wadaw narawang mangsa bre, mangsa ditarawang. Ok lah sanajan waditra tarawangsa dipake pikeun upacara sangkan Dewi Sri datang eta geus kuduna, tapi numutkeun sim kuring nu tadi geus dipertelakeun sim kuring. Experience cuy, keren asli, teu bisa dipikangarti ku akal jeung pikiran nalika hiji hal bisa kawilang magis ciga tarawangsa.
‘’Naon sih penulis teh capruk tatadi tuluy weh ngomongkeun pangalaman, tarawangsa teh leuwih ti alat musik blablabla, gaje penulis teh teu puguh teu boga dadasar’’, ettt. Pasti pamikiran maneh kitu da, keheula b, urang boga caritaan yeuh nalika urang pengabdian di Rancakalong, ngan ku urang moal dicaritakeun sacara detail ngan ringkasan na hungkul weh.
Poe ka 2 aya sawala tarawangsa, tempat ciga aula ngan ieu mah bangunanna kolot pisan masih keneh ku bilik. Pribumi didinya, hayang mere nyaho empro na sawala tarawangsa teh kumaha, jadi nalika ura ka sawagenahula eta, emang niatna keur hiburan lain upacara adat, mung tata carana sarua jiga nu dipertelakeun ku urang saacanna. OK, ceuk sepuh didinya mertelakeun’’ tenang weh ngadangukeun tarawangsa mah genaheun, sok weh ngibing, moal, moal kunanaon tong sieun bakal kaasupan.
Mimiti ibu-ibu pribumi heula anu ngibing, sora tarawangsa geus kadangu kacida ngeunaheunna, urang ge nu masih diluar nitenan, asa kabawa milu, kakeuum ku alunan nada ti tarawangsa. Giliran barudak awewe heula, sina marake selendang, eta mah atuda,,, babaturan sim kuring nu teu bisa ngibing, naha ngadadak ciga si Sandrina Indonesia mencari bakat, jadi jagoan, ngigelna ciga lain nu karek harita joged, tapi ciga nu geus profesional dibere panggung, tah kitu, panonna pareureum, teuing jiwana kamana, tapi ciga nu ngapung kabawa nada ti jentrengan jeung kekesetan ti tarawangsa. Aya nu tumbang cigana mah cape teuing, aya nu ti mimiti nepi ka beres na joget. ‘’Alah siah eta mah kaasupan euy’’ ceuk baturan kuring,’’’tuh tempo si itu mah cigana geus kaasupan’’. Singkat carita, giliran lalaki euy, sim kuring geus deg-degan semriwing, ah baelah moal kua kieu, ceuk sim kuring nenangkeun diri sorangan. Salendang geus di punduk, halis geus diusap ku minyak kalapa, tarawangsa sada, pleuuungg,ngapung urang asli teu bohong, keureut ceuli si Dion mun urang bohong. Babaturan Sim kuring ge sarua kabawa ngeunaheun, ngaribing poho alam dunya. Raga asa aya nu ngagerakkeun, ara rarasaan sim kuring mah urang joget teh asa jagoan pisan, teknik pernapasan ge geus ciga alumni gajah putih euy asli, ngadadak jago padahal napas garpit. Didinya sim kuring ngarasa aneh, naha aneh? ieu efek tina naon, naha bener sim kuring teh kaasupan karuhun atawa emang dadasar jelema mah bisa joget kabeh, ngan ka sugestian diasupan ku karuhun jadi euwih jadi.
Wah kitu lah pokokna pangalaman sim kuring nalika ngadangukeun tarawangsa, nineung pisan eta picaritaeun.Terus hubunganna jeung Pink Floyd naon ?. Saupama nu maca pernah ngadegengekeun lagu pink floyd, pasti engeuh lagu-laguna teh bisa mere urang efek ngeunaheun kana otak. Nada, nada psychdelic anu kental dina unggal melodina. Aya judu laguna ‘’Time’’ nyaritakeun yen maneh teh kudu ngahargaan waktu, si lirikna teh. Sarua bre, jeung tarawangsa, urang mah nafsirkeun waditra tarawangsa ibarat, jam, unggal gesekanna ciga detik dina jam. Ayana panen pedah naon ? ku waktu, ayana upacara adat kunaon ? ku waktu, sagala-galana ge waktu. Warren Buffet jelema nu beungharna naker sa alam dunya ge ngomong kieu’’ urang ayeuna bisa meuli sagala-galana kusabab urang loba duit, tapi aya hiji hal anu teu bisa ku urang beuli, nyaeta waktu’’ Warren Buffet wae ngomong kitu,.. heeh da Warren Buffet teh orang Kalipah Apo ngomong Sunda, nya ngomongna mah dina basa Inggris ngan ku sim kuring ditarjamahkeun sangkan ngalalarti nu maca teh,, kitu.
Pasti nya pada apal, mun misalna nu geus apal, rata-rata proses kreatif musisi jaman baheula teu lepas tina efek psikotropika, samodel LSD, Marijuana, jsb. Dan eta diterapkeun dina karya-karya na, tapi inget barudak SAY NO TO DRUGS. Ieu mah abi nyaritakeun hungkul, bahwa band-band baheula kaasup Pink Floyd pasti marake nu kararitu.
Tapi tarawangsa my pren, cukup menyan, minyak kalapa, jeung sasajen, geus bisa nyieun urang enjoy, teu kudu ku narkoba nyiar ka enjoyan mah, dengekeun weh tarawangsa, puguh deui ngamumule budaya urang bener teu ?.
Ieu aya yeuh lirik ti salahsahiji lagu Pink Floyd anu judulna ‘’Time’’
"Time"
Ticking away the moments that make up a dull day
Fritter and waste the hours in an off-hand way
Kicking around on a piece of ground in your home town
Waiting for someone or something to show you the way
Tired of lying in the sunshine staying home to watch the rain
You are young and life is long and there is time to kill today
And then one day you find ten years have got behind you
No one told you when to run, you missed the starting gun
And you run and you run to catch up with the sun but it's sinking
Racing around to come up behind you again
The sun is the same in a relative way, but you're older
Shorter of breath and one day closer to death
Every year is getting shorter, never seem to find the time
Plans that either come to naught or half a page of scribbled lines
Hanging on in quiet desperation is the English way
The time is gone, the song is over, thought I'd something more to say
Home, home again
I like to be here when I can
When I come home cold and tired
It's good to warm my bones beside the fire
Far away, across the field
The tolling of the iron bell
Calls the faithful to their knees
To hear the softly spoken magic spell
Urang talungtik per pada nya daks. Pada kahiji, maneh ngedul waktu mah tuluy maju, nyaho-nyaho leungit, dina pada kahiji nyaritakeun yen maneh teh rek ngadagoan saha euy, ngadagoan nu mepeling maneh sangkan inget kana waktu, naha kudu dipepeling wae sangkan ngahargaan waktu.
Pada kadua.nyaritakeun maneh teh ngora keneh hirup masih panjang, entong ngagoler wae di imah, handapeun panon poe, nepika kahujanna, nalika maneh sadar sapuluh tahun geus ciga sakiceupan panon, eweuh nu nitah maneh lumpat, maneh tinggaleun sora tembakan start dina lomba lari.
Pada katilu, maneh lumpat tuluy lumpat pikeun ngudag panonpoe nu bakal kaleleup digantikeun ku bulan. Balapan ngudag panonpoe nu ahirna bakal aya tukangeun maneh deui. Panonpoe sarua ngan gerak na relatif tapi maneh bakal beuki kolot, ngarenghap ayeuna, hiji poe maneh bakal sirna.
Pada kaopat, unggal taun beuki pondok, moal manggih mangsa anu niscaya, waktu beres lagu pareum, kitu lah pokokna mah, hampura nya teu jago teuing inggris.
Pada kalima nyaritakeun “Ah tapi asa jauh nya gening tarawangsa jeung pink floyd na teu patula-ptali acan, beulah mana saruana’”, kitu paling ceuk maraneh mah.
Tapi nu cindekna sim kuring leuwih nyoko kana makna jeung nyokot hiji sample dina lagu nu judulna time di pink floyd. Pink Floyd ngarepresantisikeun salahsahiji band musik nu dipikikareuseup ku barudak ngora, tarawangsa ngarepresntasikeun dina ieu tulisan yen maraneh oge tong poho kan warisan karuhun urang. Menang resep band luar negri mah, tapi inget jati diri maraneh teh jati diri sunda. Patalina lagu time jeung tarawangsa numutkeun sim kuring kieu, hiji upacara adat nu sakitu loba sarat na jeung ekspresi masarakat sunda pikeun bersukur ka maha kawasa nu geus maparin kabeungharan alam dunya, nu puguhna di ikhtiaranna ku waktu nu geus di bere oge ku Gusti. Kitu oge na lagu pink Floyd anu judulna time tea, mepeling urang sarerea yen waktu mah moal karasa saupama teu di mangpaatkeun. Meungpeung masih ngarora keneh hayu urang leuwih produktif deui, jeung leuwih sadar yen budaya sunda bakal sirna saupama urang sarerea teu ngamumule jeung ngajaga, sirna na kunaon ? ku waktu, ngan urang sarerea generasi muda nu bisa ngalawan jaman nu sakitu edanna. Waktu nu unggal taun aya wae tehnologi, kusabab beuki dieu teh hirup geus teu beda jauh jeung balapan di sirkuit.
Cags dak, mun lain urang rek saha deui. Hatur nuhun nu dipikasuhun. Hurip Sunda. SUNDA !!! SUNDA, SUNDA ,SUNDA JAYA !!!.
Note: Ieu tulisan dijieun pikeun mieling poe basa indung internasional. TONG HILAP NYARIOS BASA SUNDA.