AES09 - Ngawangkong
Asep Ramdan
Saturday October 14 2023, 7:15 AM
AES09 - Ngawangkong

Bubuka-syukur

Alhamdulillah, dinten ayeuna tos dugi kana wanci rehat sakedapan, nuhun gusti, tos dipaparinan kasehatan, mugia anu nuju teu damang, Gusti enggal damangkeun deui, anu nuju aktifitas, mugia dipaparinan kabarokahan tur kalancaran sinareng kasalametan. Simkuring neda syukur kana sagalarupi ni'mat anu tos dipasihan dugi ka dinten ieu.

Angkat ka Gunung Bohong

Ah, saleresna mah teu aya topik anu bade disaurkeun kumaha, ieumah ngawangkong we, biasanamah upami dinten saptu, kuring jeung pun istri, barudak saparakanca biasana mah ameng, kamana we nu penting mah leumpang we nu jauh, kaleresan resep pisan leumpang barudak teh, tah abdi bade nyaritakeun we, waktos ameng ka gunung Bohong.

Ari gunung Bohong teh, tempatna caket bumi, nyaeta di Cimahi, didinya teh biasa aya lapangan tembak, anu sok dijadikeun pasar kaget upami saptu sareng minggu mah.Tah biasana tidinya abdi parkir teras mapah ka kaki gunung. Harita teh, abdi ngan 3 an hungkul berangkatna, nyaeta abdi, pun istri sareng Barra, pun anak nu kadua alias bungsu. Tah mapah we abdi teh, kaleresan jalana sae, aya taneuh aya oge nu tos di semen, sajajalan teh upami di kanan seueur kuburan, upami dikiri nyaeta trek balapan. 

Tah, satengah jalan, ternyata eta gunung teh tos nagaduhan tetecena, anu betonan, ari karaosnamah upami tos digentos ku tetece semen, asa leuwih cape tur hah heh hoh karaosna. Eleuh etamah abdi bari ngakod budak teh lumayan tuur karaos nyorocos, tapi da kumaha, asa kirang afdol upami teu dugi di puncak, ah lalaunan weh, nu penting mah tiasa menikmati perjalanan, ti kawit udara anu seger keneh, tatangkalan hejo anu seueur jenisna jeung tiasa paamprok jeung wargi nu aya didinya, bari sasakali ngaheureuyan " Jang, puncakmah tebih keneh",hehe. Tapi da kumaha, kagok lah, kudu parat " ceuk abdi dina jero hate.

Pinanggih kasedih di puncak

Teu lami mapah, simkuring ahirna dugi ka tempat nu dituju, aya rarasaan bungah, dugi ka puncak teh, duka ku naon nya, beda pokoknamah rarasaan teh, tos sakedapan reureuh, eueut, abdi manggihan kasedih, katinggal di sabudeureun Cimahi, eleeuh seer anu ngaduruk sampah, haduuh, eta timana - timana cigana unggal kampung eta sampah teh diduruk katinggal haseupna kamana-mana, tapi da kumaha deui meureunnya, gerakan Kang Pisman teh hese diterapkeunana kulantaran can biasa, abdi ge hese keneh geuning biasa konsisten, kudu silih elingan, silih wartosan jeung libatkeun kabeh lapisan masarakat. Nerapkan silih asah, silih asih jeung silih asuh teh hese pisan gening nya. Hapunten Gusti, alam teh gening seueur dirurusak, mugia we enggal disadarkan, tong nepi ka pancaroba, garing ieuteh manjang. Mugia bumi enggal damang deui.

Pinutup-doa

Wilujeng reureuh saparakanca, mugia dinten ayeuna janteng kabungbungah, tiasa kumpul, riung mumpulung, meh engke dinten senen, tiasa sumanget deui kanggo teras nyiar kasaean.

Andy Sutioso
@kak-andy   3 years ago
Hatur nuhun ka Asep dongengna. Leres pisan, sok seeur sedihna mun nuju angkat ka lokasi nu jarauh, tapi manggihan seeur sampah, alam nu raruksak. Tapi da eta ka Asep saurna mah moderen, tapi janten kalaka ngaruksak. Tos teu aya kanyaah ka alam teh... 😔
tanyaasepramdanaja
@asep-ramdan   3 years ago
Sepakat pisan kak, mudah-mudahan we lalaunan, abdi ge diajar keneh supados teu janten wiwirang kangge bumi ieu.