AES0010 Atlas Émosi Diri
Naufal
Monday August 7 2023, 8:45 AM

Capture.PNG

Disclaimer: Bahasa Sunda yang digunakan di tulisan ini adalah bahasa yang biasa saya gunakan di lingkungan saya di Bogor.

Atlas, dina ingetan mah nyaéta buku nu eusina sakumpulan péta jeung sagala informasina: luasna, posisina, jeung sagala rupi info tentang si péta anu dibahas. Saya kaalaman nyoo atlas téh di rumah Nék, coverna téh biru jeung tebel. Maca atlas di masa-masa ketika saya masih sakola SD basa éta jadi hiji hiburan tersendiri sih, nu masih kakenang nepi ayeuna. Saprak masa-masa éta, sigana kata 'Atlas' téh jarang pisan saya tak lagi mendengarnya. Meureun kakaraeun deui, basa bulan kamari wéh pas Tim KPB aya ngabahas hiji website nu ngarana atlasofemotions.org, alus sih websitena.

Karék apal oge basa éta geuning aya website siga kieu. Tapi saya karék dua mingguan kamari bener-bener ngulik éta website, ngulik anu lain maca hungkul téa ning tapi aya melibatkan haté jeung pipikiran dalam waktu yang bersamaan. Da wajar ogé sih, ngarana diajar mengenai emosi diri, atuh pasti kudu maké rasa ogé méh ngarti, kan teu cukup mun dengan membacanya secara kognitif hungkul. Meureun, ceuk saya éta gé.

Websitena alus sabab arurang bisa dibantuan untuk bisa mengenali lagi definisi-definisi ti émosi, nu sebenerna meureun saumur hirup pernah urang alaman, tapi ku sabab meureunan émosi téh sok dikieu-kieu geuning: "ulah émosi" atawa "tong jadi jelema émosian, ah!" di saat aya seseorang nu ambek, nu sigana nyieun hiji anggapan bahwa émosi téh ngan saukur ambek padahal mah selain ambek (anger) aya sedih (sadness), jongjon (enjoyment), kasieun (fear), jeung rujit (disgust). Émosi téh geuning kan sesuatu nu dekat tapi ogé jauh, dekat ku sabab éta nu urang kabeh alami, jauh ku sabab urang sorangan terkadang teu bisa mendefinisikannya. 

Dina momen saya ngulik website ieu, saya neangan emosi mana nu ayeuna paling dekat atawa sering saya rasakan atawa saya pisan. Setelah macaan beberapa nu saya kira cocok, tapi ahirna ngan aya hiji emosi nu sementara paling sering muncul nyaéta emosi lega (relief) nu hubunganna jeung rasa jongjon (enjoyment). Ieu nu pasti aya hubunganna jeung masa-masa beurat di taun kamari nu saya lalui, nyaéta momen persimpanga antara ngalasutkeun kuliah atawa maksa diri ngaluluskeun, nu pada ahirna saya bérés bisa ngaléwatan sagala rupi kasulitan nu aya. Nepi di awal taun ieu di ujung persimpangan pasca masa-masa sulit éta, saya aya di momentum berkenalan jeung minat heubeul nu sempet kapohokeun nyaéta minat ka dunia pendidikan. Lega, sabab saya aya di titik ieu ayeuna. Nuhun semesta dunia.

Geuning emosi diri sorangan téh luas, kudu ngarti posisina, jeung sagala rupa faktor nu aya. Sakumaha lengkapna penjelasan di atlasofemotions.org tapi atlas emosi diri masing-masing mah anggeur jero henteuna kumaha proses urang soranganna, kumaha diri urang daék (lain saukur ngarti), daék ngenal emosi diri sorangan, ngenal diri sorangan.